Duh.......angin peuting nu tiis lir halimun
Numawa keketeg ati nualum
Duh........Bentang nu baranang tur caang
Numawa keketeg rasa nu bayeungyang
cep ...rep....guridag....mudigdig rasa mun inget
Rongheap hate nu baluweng rasa munget
Sidik hate hese di papaler
Sidik rasa hese di bebener
Duh.....mungguh anjeun nu kaimpleng na kongkolak
Nu mawa rajet hate nu rarawet
Duh......mungguh anjeun nu panceg na sanubari
Nu mawa werit jerit nu ririwit
Tug....teg...rumahuh mudigdig rasa ka peurih
Bray......tes...sadar kapungkas pidu'a
Ahir juli 1988
Ds.nicklote